
JOGLOSEMARNEWS.COM — Indonesia terkenal akan keragaman bahasa, budaya dan seninya. Setiap daerah di Indonesia memiliki ciri khas tersendiri, baik bahasa, pakaian adat, rumah adat maupun lagu daerahnya.
Hampir di seluruh daerah Indonesia memiliki lagu daerah masing-masing, seperti halnya di Jawa Barat. Ada banyak lagu daerah Jawa Barat yang cukup populer.
Berikut beberapa daftar judul lagu daerah yang diambil dari buku “Seni Budaya Keterampilan” oleh Drs. Sri Murtono, dkk.
1. Es Lilin
Es lilin mah didorong-dorong
Dibantun mah dibantun ka Sukajadi
Abdi isin ceuceu samar kaduga
Sok sieun mah aduh henteu ngajadi
Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
Dicandakna geuningan ka Cipaganti
Abdi isin jungjunan duh bararingung
Sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Itu saha dunungan nu nungtun munding
Digantelan geuning ku saputangan
Itu saha dunungan ku ginding teuing
Sing horeng mah aduh geuning jungjunan
Es lilin mah ceuceu dikalapaan
Raosna mah geuningan kabina-bina
Abdi alim dunungan paduduan
Sok sieun mah dibantun kamana-mana
Kamana mah dunungan ngaitkeun cingcin
Ka kaler mah aduh katojo bolat
Kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
Sakieu mah aduh panas hatena
2. Panon Hideung
Panon hideung pipi koneng
Irung mancung putri Bandung
Putri saha di mana bumina
Abdi reuseup ka anjeunna
Siang wengi ka impi-impi
Hate abdi sara sedih
Teu emut dahar teu emut nginum
Emut kanu geulis panon hideung
3. Manuk Dadali
Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung pertentang taya bandinganana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan kasieun
Manuk Dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk Dadali pangkakon carana
Resep ngahiji rukun sakabehna
Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia
4. Bubuy Bulan
Bubuy bulan-bubuy bulan sangrai bentang
Panon poe-panon poe disasate
Unggal bulan-unggal bulan abdi teang
Unggal poe-unggal poe oge hade
Situ ciburuy laukna hese dipancing
Nyeredet hate ningali ngeplak caina
Tuh, itu saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana
Unggal bulan-unggal bulan abdi teang
- Pantau berita terbaru dari GOOGLE NEWS
- Kontak Informasi Joglosemarnews.com:
- Redaksi :redaksi@joglosemarnews.com
- Kontak : joglosemarnews.com@gmail.com